Kamis, 11 Juli 2013

topi kakang

Duh, kang!Punten pisan ibu rada tambelarnya, tos lami pisan tara nyerat dina blog kakang. Duka kunaon, meni asa rada sesah milari inspirasi teh, pabaliut ku tunduh.hehehe..kan ibu mung aya waktosna pami kakang tos ngagebra, eta ge kakang kadang bobona ayeuna mah wengi wae pan? Kadang dugi ka tabuh salapan wengi nembe bobo, laah..ibu tos teu aya tanagina ge, sedinten jeput ngungudag kakang kaditu-kadieu. Komo ayeuna kakang nuju resep ngadodorong sagala, ngadorong korsi, ngadodorong troli nu dicalikan ku dede Queenaa sareng kaka Rahma.aya pan videonanya, tos diupload ku apa. Meni bedas pisan ih tanagina kakang teh ayeuna, abong jalunya? Komo ayeuna-ayeuna, kakang emamna sae pisan. Pantes tah jadi putrana apa ge, da sering ayeuna mah ngagilingna ge..sami siga apana kakangnya, hehehe.

Ibu teh meni regreg pisan hate ngabandungana ge, kakang tuangna segut deui. Sasih kamari pas nuju teu damang, kakang meni alim emam-emam acan. Nembe secenge ge, dua sendok tos mereket balem, duh sediiiiih pisan ibu teh. Kakangna meni janten begung, pami ibak ge tulangna meni rokrak. Tapi alhamdulilah, ku sehat mah, nafsu makan ge uih deui siga kapungkurnya, kang? Ibu ge janten sumanget deui, bade milari resep-resep masakan nu kinten-kinten kakang bakal resep nuangna :)

Kakang teh ayeuna tos bade 17 sasihnya. Tos janten pemuda alit. tos seueur gaya sareng pamolahna. Nuju resep ngangge topi. siga kieu yeuh:



kakang;anak MOD :)
ngangge topina resep tibalik
pami ieu, ngintip tipi tina topi :D


Ayeuna mah, pami aya kahoyong nu teu ditedunan teh, tos tiasa bendu geura. Pami aya kakeuheul teh, mereketkeun panangan, soca alit popolotot, lambeyna ngawet..siga HULK wae. Nu ninggalina ge sanes sieun, kalahka pada langkung resep ngagonjakna.hihi :D Tapi ketang, malah jadi trend, kang!Saur ateu Ririr, ayeuna dede Queenaa sok nurutan pepereket siga kakang ceunah!hihihi..padahal nu awon mah ulah diturutan, nya kang? ; )

Cag ah. kitu heula weh nya kang. Engke ibu nyerat deui kangge kakang. Kaleresan ieu ge pedah kakang nuju ngagebra, tos kunyah kenyoh kue sareng sop hayam, waregnya kang?sing janten dagingnya. :)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar